1 Raja-raja 2
Daud geus ngaraos tereh puput yuswa. Seug wewekas ka Suleman putrana. Saurna,
"Ama teh geus tereh dipundut nya umur. Hidep masing teger, sing jadi lalaki.
Jaga sagala pangersa PANGERAN, Allah panutan hidep. Tuturkeun hukum-hukum jeung sagala parentah-Na anu kaungel dina Hukum Musa, sangkan jamuga di mana-mana, mulus dina sagala lampah.
Lamun hidep tetep sumujud ka PANGERAN, jangji Mantenna ka Ama bakal laksana, sakumaha timbalana-Na yen upama turunan Ama nurut terusing ati kana sagala timbalana-Na, anak incu Ama tan wande moal aya pegatna ngarajaan di Israil.
Jeung hidep tangtu inget keneh, kumaha kalakuan Yoab ka Ama, maehan Abner bin Ner jeung Amasa bin Yeter, dua panglima Israil. Maehanana dina usum kerta, mangmaleskeun jelema-jelema anu tiwas ku eta panglima dina perang. Jadi Yoab geus maehan jelema teu karana sabab, Ama nu katempuhan susahna jeung balukarna.
Hidep tangtu hideng kudu kumaha, sangkan eta jelema paehna ulah paeh sakumaha biasa.
Ama titip anak-anak Bapa Barsilai urang Gilad, rawatan sing hade-hade. Kacida balageurna eta teh ka Ama, basa Ama keur kakaburan nyingkahan Absalom.
Aya saurang deui, Simei bin Gera urang Bahurim wewengkon Binyamin. Manehna geus nyumpahan ka Ama laklak dasar basa Ama keur ka Mahanaim. Basa Ama arek mulang, manehna mapagkeun ka Walungan Yordan. Ama harita jangji nyebut pajenengan PANGERAN yen manehna ku Ama moal dipaehan.
Tapi ku hidep mah ulah diantep, kudu dihukum, ulah nepi ka luput tina hukum paeh. Hidep tangtu terang kudu kumaha."
Gancangna Daud geus pupus, dikurebkeun di Kota Daud.
Ari ngarajaanana kabehna opat puluh taun. Tujuh taun di Hebron, tilu puluh tilu taun di Yerusalem.
Tahta karajaan diteruskeun dicangkingna ku Suleman putrana, sarta eta karajaan jadi kacida reugreugna.
Hiji mangsa Adonia putra Hagit datang ka Batseba ibu Suleman. "Hidep ka dieu teh naha reujeung niat hade?" Batseba mariksa. "Leres," jawabna,
sarta pokna deui, "Abdi teh bade nyuhunkeun tulung." "Nyuhunkeun tulung kumaha?" saur Batseba.
Walon Adonia, "Ibu uninga, sayaktosna anu kedah jadi raja teh abdi. Kitu kahayang urang Israil mah. Mung benten jadina, anu jadi teh bet pun adi, Suleman, da kitu dikersakeunana ku PANGERAN.
Mung aya anu bade disuhunkeun saperkawis, mugi ku Ibu ulah teu ditampi."
Saur Batseba, "Cik saurkeun." Adonia, "Pangunjukkeun ka Raja Suleman, da Ibu mah moal teu didangu. Abdi teh hoyong ka Nyi Abisag, bade disuhunkeun seja dipibojo."
"Heug," saur Batseba, "ku Ibu urang unjukkeun ka raja."
Ti dinya Batseba nepangan raja rek ngunjukkeun pamenta Adonia. Raja ngadeg dat nyembah ka ibuna. Gek deui linggih dina tahta, ibuna dipangnyandakkeun korsi sina calik di tengeneunana.
Ibuna ngalahir, "Ibu teh sumeja nyuhunkeun sih citeres Enung saeutik, mugi katampi." Waler raja, "Sumangga Ibu, naon pamundut teh? Ku putra sumeja dicumponan."
Piunjuk ibuna, "Raka Enung Adonia nyuhunkeun Nyi Abisag, sejana dipibojo."
Ngawaler raja ka ibuna, "Naha Ibu mung mundut Abisag kangge Adonia? Pangmundutkeun tahta bae sakalian, da anjeunna teh dulur abdi saluhureun, tur disokong ku Yoab sareng Imam Abyatar!"
Geus kitu Suleman ikrar nyebat pajenengan PANGERAN, saurna, "Mugia abdi ulah jamuga ti Allah saupami pamenta Adonia sarupi kitu ku abdi henteu dibales!
Abdi ku PANGERAN parantos diteguhkeun ngasta tahta kangjeng rama, Daud. PANGERAN parantos ngalaksanakeun eta jangji, ieu karajaan parantos dipaparinkeun ka abdi turun-tumurun. Demi PANGERAN anu jumeneng, dinten ieu keneh Adonia baris pegat nyawana!"
Ti dinya raja nimbalan ka Benaya; timbalanana dilaksanakeun, Adonia dipaehan.
Jeung raja nimbalan ka Imam Abyatar, saurna, "Bapa mulang bae ka lembur, ka Anatot. Saenyana Bapa manjing hukum pati, ngan ayeuna mah kaula henteu hayang maehan, sabab Bapa kungsi ngurus Peti Perjangjian PANGERAN, jeung kungsi bela tumutur milu sangsara jeung kangjeng rama, Daud."
Seug Abyatar ku Suleman dipocot, henteu jadi imam PANGERAN deui. Ku hal eta laksana pangandika PANGERAN basa di Silo perkara papasten Imam Eli turun-tumurun.
Ari Yoab (anu nyokong ka Adonia tapi henteu nyokong ka Absalom), ngadangu hal eta teh kacida sieuneunana. Geblus bae lebet ka Kemah Tepangan PANGERAN, kerewek nangkeup kana tatandukan altar.
Diuningakeun ka Raja Suleman yen Yoab mubus ka Kemah Tepangan sarta nangkeup altar. Suleman miwarangan mariksa ka Yoab naon sababna lumpat kana altar. Saur Yoab, nu matak lumpat ka PANGERAN teh lantaran sieun ku Suleman. Ti dinya Suleman nimbalan ka Benaya sangkan Yoab dipaehan.
Leos Benaya ka Kemah Tepangan, pok misaur ka Yoab, "Timbalan raja, andika geura kaluar!" Waler Yoab, "Moal, hayang paeh di dieu!" Benaya ngadeuheus deui ka raja ngunjukkeun kasauran Yoab.
Ari saur Suleman, "Laksanakeun sakumaha omongan Yoab. Paehan! Kubur! Sangkan kami atawa anak incu kami ulah dikukuntit ku dosana, anu geus maehan jelema-jelema taya sabab.
PANGERAN anu ngabales dosana maehan, anu dilampahkeunana kalawan Ama kami Daud teu uningaeun. Yoab geus maehan dua jelema anu henteu salah naon-naon tur leuwih hade ti batan dirina sorangan: Abner bin Ner panglima perang Israil, jeung Amasa bin Yeter panglima perang Yuda.
Patina eta dua panglima kudu tumerap ka Yoab saanak incu. Mugia sakur putra putu Daud anu nyalikan tahtana sing ginanjar rahmat PANGERAN sapapanjangna."
Ti dinya Benaya indit ka Kemah Tepangan PANGERAN, sarta Yoab ku anjeunna dipaehan di dinya, tuluy dimakamkeun di bumina, di luar kota.
Ari Benaya ku Suleman diangkat jadi panglima gaganti Yoab, Sadok diangkat jadi imam gaganti Abyatar.
Geus kitu raja miwarang ngala Simei. Dawuhan raja ka Simei, "Maneh kudu cicing di dieu di Yerusalem, pek nyieun imah. Ati-ati, teu meunang kaluar-luar ti kota.
Lamun kaluar nepi ka meuntas Walungan Kidron, tangtu dipaehan, salah maneh sorangan."
"Timbalan katampi, sumeja diestokeun," walon Simei. Ti harita Simei matuh di Yerusalem.
Pareng dina hiji mangsa sanggeus meunang tilu taun, badega Simei minggat duaan, minggatna ka Akis bin Maaka raja di Gat. Sanggeus meunang laratan yen badegana maringgat ka ditu,
Simei nyelaan kalde, bral indit ka Raja Akis rek nyokot badegana. Geus kitu mulang deui, badegana kabawa.
Sanggeus eta kalakuan Simei kauninga ku Raja Suleman,
raja miwarang nyaur Simei, tuluy ngalahir kieu, "Maneh ku kami geus dilarang demi PANGERAN, teu meunang kaluar ti Yerusalem. Samangsa-mangsa kaluar tangtu dipaehan. Lain maneh teh geus satuju rek ngestokeun?
Ku naon ingkar tina eta jangji jeung ngalanggar larangan kami?
Maneh nyaho sorangan kumaha kasalahan maneh ka rama kami Daud. Eta kalakuan maneh masing dihukum ku PANGERAN.
Muga kami dirahmat ku Mantenna, karajaan Daud masing aman santosa sapapanjangna."
Ti dinya raja nimbalan ka Benaya. Gancangna Simei geus dipaehan. Karajaan Suleman beuki reugreug.